Titajong!
Kamis, 30 Oktober 2003M
04 Ramadhan 1424H
- Tracking System
- International phone card
Kajadian basa di Sérang, jéger-jéger anu biasa mangkal di terminal diserang ku pulisi Sérang, jegér-jegér ditembakan jeger jeger… jéger ngababatang di sisi sérang sawaréh berebet ngaberebet lalumpatan, bérébét-bérébét sora bedil ngabérébét jéger-jéger dibérébét ku pulisi, kapaksa kuring milu ngaberebet ngajleng ka sisi sérang na galengan, perang euy…… perang euy! Tingali jukut jeung tutuwuhan séjénna pérang ka idek ku nu ngaberebet, bari ngadepong ras inget kana kérak di imah… moal paeh kitu……. da kamari teh diparaban kerak!
Angger titajong macana euy! Padahal geus cekas make hurup e taling!
Sabtu, 1 November 2003 @ 2:14
No Comment.